إِذَا مَاتَ ابنُ آدم انْقَطَعَ عَنْهُ عَمَلُهُ إِلَّا مِنْ ثَلَاثٍ:
صَدَقَةٍ جَارِيَةٍ، أو عِلْمٍ يُنْتَفَعُ بِهِ، أَوْ وَلَدٍ صَالِحٍ يَدْعُو لَهُ.
"Jelema maot maka pegat sakabeh amalana iwalti tilu perkara nyaeta sodakoh jariah, elmu numanfaat, anak nu soleh nu ngadoakeun kolotna".
Amal sodakoh mangrupakeun amalan jariah anu suci tur iklas, sawaktu hirup contona urang sok barang bere kanu butuh, mere sumbangan keur pembangunan masjid sareung sajabana bari jeung rido iklas karna Allah SWT.
Jadi amalan anu kahiji henteu pegat terus ngolocor jang urang.
Kadua nyaeta elmu nu manpaat, nyaeta elmu anu diamalkeun diwaktu hirup contona ngemutan batur, ngemutan jeung sajabana bari jeung urang ngalaksanakeunana.
Sarta nyumbangkeun naon wae elmu agama anu ku urang apal tur bener.
Terakhir nyaeta nu katilu amal nubakal nulungan arurang nyaeta anak anu soleh, anu sok ngadoakeun indung bapana.