Hikmah Ramadan: Atikan Shaum, Ngawangun Sikep Sosial

6 Mei 2021, 07:51 WIB
Dr. H. Tatang Ibrahim, M. Pd, Dosen Fakultas Tarbiyah dan Keguruan UIN Bandung /DOPK PRIBADI/

PARA ulama nyebutkeun yen shaum teh kaasup oge bulan atikan (syahrut tarbiyah), nyaeta pikeun ngaatik manusa supaya takwa (muttaqien), sakumaha kaunggel dina Surat Al-Baqarah ayat 183 nu pihartoseuna:

”Yeuh jalma-jalma nu ariman, maraneh diwajibkeun puasa saperti nu geus diwajibkeun ka jalma-jalma samemeh maraneh sangkan maraneh jadi jalma-jalma nu takwa”.

Sedengkeun takwa mangrupakeun  ciri manusa anu pangmulya-mulyana mungguhing Allah Swt. Dawuhan Allah, pang mulya-mulyana jalma  nyaeta jalma takwa :

”Saestuna jalma anu pang mulya-mulyana mungguhing Allah mah nya anu pangtawakalna ti antara maraneh; saestuna Allah teh maha uninga, maha ningali” (QS. al-Hujurat:13). Jalma anu mulya bakal meunang kabagjaan dunia rawuh akherat.  

Anapon hartina takwa nyaeta ngalaksanakan parentah Allah, jeung ninggalkeun naon anu dicegahNa. Oge jalma takwa digolongkeun jalma-jalma pilihan, sakumaha dawuhan Allah dina surat Ali-Imran 110:

“Maraneh teh panghade-hadena umat anu dilahirkeun pikeun (maslahat) manusa, maraneh nitah kana kahadean jeung ngalarang kana kagorengan sarta maraneh iman ka Allah. Cacakan ahli kitab ariman mah, tanwande hade pisan pikeun maraneh. Ti antara maranehna aya anu ariman, tapi aya kalolobana mah anu parasek”.

Ibadah shaum henteu ngan ukur diparentahkeun ka umat Kangjeng Nabi Muhammad Saw wungkul, tapi oge diparentahkeun ka umat-umat samemehna, tujuana akur nyaeta pikeun ngawujudkeun manusa takwa (muttaqien).

Dina Tafsir Ibnu Katsir, nu disebut umat samemehna nu diwajibkeun puasa nyaeta Ahlul Kitab. Ari nu dimaksud takwa tina hasil shaum teh nyaeta takwa anu bener-bener, henteu jejereged, sahingga dina hatena nyelecep jadi bekel kahirupan ti dunya nepi ka akherat.

“....ari bekel anu panghade-hadena nya eta takwa....” (QS. Al-Baqarah: 197)

Teu gampang ngahontal darajat takwa, babari diucapkeun, tapi hese  dilaksanakeun. Salaku manusa tangtuna ge hampir tiap waktu nyieunan dosa, boh nu dihaja atawa henteu, eta mah geus jadi sifat manusa, eta cirining manusa sampurna, sabab aya paribasa:

“Sampurnana  manusia nyaeta aya dina teu kasampurnaanana”, jadi manusa mah aya di antara bener jeung salah. Sok sanajan kitu Allah SWT tetap mere kasempetan ka jalma pikeun menta ampunan, magfiroh.

Didieu rahman rahimna Allah ka sakabeh makhlukNa nu ariman, tetep ngahampura. Bulan Ramadhan 1442 H/2021 ieu sing jadi cukang lantaran pikeun menta ampunan ka Allah SWT, ku ngalaksanakeun ibadah puasa kalayan khusyu, istiqomah, iman jeung ngaharepkeun pahala ka Alloh SWT.:

“Sing saha nu puasa dina bulan Ramadan kalayan iman jeung miharep pahala ti Allah SWT, maka eta jalma bakal dihapura dosana nu geus kaliwat” (HR. Bukhari).   

Maksud Allah ngahampura ka manusa kana dosa-dosa nu geus kaliwat, khusus pikeun jalma anu tiap waktu tobat jeung tobat, sabab dirina ngarasa loba dosa.

“Jeung prak maraneh geura paheula-heula ngahontal pangampura Allah jeung sawarga anu legana sarua jeung pirang-pirang langit katut bumi, anu dicawiskeun pikeun jalma-jalma anu tarakwa” (QS. Ali-Imran: 133)

Ngawangun Jiwa Sosial

Ku ayana atikan takwa, tangtuna oge bakal ngalahirkeun mangpirang-pirang kamanfaatan, diantarana ngawangun jiwa sosial, iman nusaumat (saagama), pon kitu deui nu teu saagama. Kudu silih tulungan, sok sanajan beda agama, budaya, suku, bahasa, jeung saterusna.

Pikeun jalma takwa mah moal dipilihan, sabab dina dirinya geus matri ku pamahaman ummatan washaton, siger tengah.

“Jeung nya kitu deui Kami geus ngayugakeun maraneh jadi umat patengahan (anu pinilih) supaya maraneh jadi saksi keur balarea, sedengkeun Rasul anu jadi saksi keur maraneh.....” (QS. Al-Baqarah: 143)  

Pikeun nu saagama, saakidah urang silih ajenan, ulah ngagugulu nu bedana, tapi hayu adumaniskeun nu  akurna.

Dalah dikumaha oge perbedaan mah geus aya tidituna, malah saur Kangjeng Nabi Muhammad Saw, perbedaan bisa ngajadikeun rohmat.

Kitu deui jeung nu beda kayakinan, ulah silih ece, pan dina Al-Qur’an oge dijentrekeun ;

”Agama arandika keur arandika, agama kaula keur kaula” (QS Al-Kafirun :6). Urang sewang-sewangan ngajalankeun kayakinan. Malah kudu bisa sauyunan dina kahirupan sosial.

Sabab bangsa urang kacida beragamna, loba corakna. Lamun teu alakur, rek iraha majuna nagara urang, katentreman modal utama keur ngawangun bangsa supaya maju ulah katingaleun ku bangsa deungeun. 

Malah dina ibadah, bisa bae silih fasilitasi, misalna umat Islam ngalaksanakeun ibadah haji atawa umroh naek kapal luhur nu pilotna non muslim.

Malah aya kajadian dina bulan puasa ayeuna umat non muslim ngabagi-bagi pangbukaan pikeun umat Islam nu keur ngajalankeun puasa.

eta hartina umat sejen miboga rasa empati ka umat Islam. Hiji ciri kesetiakawanan sosial geus matri disanubari umat lain. Ieu lain hartina nyampuradukeun ibadah, atawa nyampuradukeun  tauhid, tapi estuning ngawangun kesetiakawanan sosial.

”Yeuh, manusa ! Saestuna Kami ngajadikeun maraneh ti hiji lalaki jeung hiji awewe, jeung Kami geus ngajadikeun maraneh jadi sababaraha bangsa jeung sababaraha golongan, supaya maraneh silih pikawanoh...” (QS. Al Hujurat: 13).

Dina Tafsir Ibnu Katsir disebutkeun yen sakabeh manusa dijieun tina unsur taneuh liat---jadi banyolna, urang teh meureun baraya jeung taneuh teh. Sakali deui manusa miboga jiwa sosial teh geus tidituna, dijieun sarua tina taneuh.

Reureujeungan, hahadean, silih tulungan, jeung saterusna ngarupakeun sunnatulloh nu teu bisa ditolak deui. Hayu urang babarengan silih pikaasih, pikaheman, rek nusaagama, kitu deui jeung nu teusaagama, kabeh bangsa urang, dulur urang.***

Oleh: Dr. H. Tatang Ibrahim, M. Pd

Dosen Fakultas Tarbiyah dan Keguruan UIN Bandung

Editor: Zulkarnaen Finaldi

Tags

Terkini

Terpopuler