Khutbah Idul Fitri 1443H/2022 M Dalam Bahasa Sunda  

1 Mei 2022, 22:11 WIB
ilustrasi. Berikut ini Khutbah Idul Fitri 1443H/2022 M Dalam Bahasa Sunda /Pixabay/

 

KABAR PRIANGAN – Sholat Idul Fitri termasuk dalam ibadah sunah muakkad, yaitu ibadah sunah yang sangat dianjurkan.

Tata cara sholat Idul Fitri berbeda dengan Sholat Jumat. Jika Sholat Jumat, dimulai dengan khutbah jumat, kemudian dilanjutkan dengan sholat. Maka Sholat Idul Fitri, diawali dengan sholat dulu, lalu kemudian diakhiri dengan khutbah Idul Fitri.

Berikut naskah khutbah Idul Fitri 1443 H/2022 dalam Bahasa Sunda dikutip kabar-priangan.com dari BIMAS Islam Kantor Kementrian Agama Kabupaten Pangandaran.

Baca Juga: Sidang Isbat Memutuskan 1 Syawal 1443 H Jatuh pada Hari Senin, 2 Mei 2022. Yaqut: Ini Cerminan Kebersamaan

الله أكبر (۹x) لا إله إلا الله والله أكبر الله أكبر ولله الحمد، الله أكبر كبيراوالحمدلله كثيراوسبحان الله بكرة وأصيلًا، لاإله إلا الله وحده، صدق وعده، ونصر عبده، وأعرجندة، وهزم الأحزاب وحده. الحمد لله الذي أنعم علينا بنعمة الإيمان والإسلام، وجعل في شريعته عيدا بعد الصيام، وأمرنا في ليلته ويومه أن نكثر التكبير والتسبيح والتهليل وصلة الأرحام. أشهد أن لاإله إلا الله وحده لاشريك له شهادة تنجي قائلها من الشرك والظلام، وأشهد أن محمدا عبده ورسوله صاحب الشفاعة والمقام، والداع إلى خلق عظيم وسبيل السلام. اللهم صل وسلم على سيدنا وحبيبنا محمد رسولك ونوركونك الكريم، وعلى آله وصحبه صلاة وسلاما دائمين متلازمين إلى يوم معلوم (أمابعد) معاشر المسلمين أوصي نفسي وإياكم بتقوى الله لعلكم ترحمون. أعوذ بالله من الشيطان الرجيم،

قد أفلح من زكاها وقد خاب من دساها

Allah Anu Maha Agung, Allah Anu Maha Agung, Allah Anu Maha Agung, teu aya deui Pangeran anu maujud, anu wajib diibadahan, anu hak ditaati parentah sareng larang-Na anging Gusti Allah, Allah Anu Maha Agung, sadaya jenis puji anu opat mung kagungan Mantenna.

Nun gusti Pangeran abdi, Anu Maha Rahmaan tur Maha Rahiim, dina kasempetan anu kebek ku kabingah ieu, puja puji mung kagungan Gusti Anu Maha Suci.

Baca Juga: Tata Cara dan Bacaan Niat Sholat Idul Fitri Dalam Bahasa Arab, Latin dan Artinya

Abdi sadaya seja ngebrehkeun tawis syukur ka Gusti Anu Maha Ghafuur, anu parantos maparin kani'matan anu kacida seueur teu kaukur, di antawisna ni'mat iman, islam, sehat jasmani, rohani sareng panjang umur.

Mugia abdi sadaya dijantenkeun golongan jalma anu pinter syukur, ditebihkeun tina sifat kufur sareng takabbur, Pangandaran khususna Indonesia pada umumna, mugia ngareugeujeug janten Baldatun Thayyibatun wa Rabbun Ghafuur. Aamiin Yaa Rabbal 'Aalamiin.

Salajengna rahmat sareng kawilujengan Allah, teu kaselip-selip dina ati, teu kaselap-selap dina raga, teu kabeku-beku dina qalbu, teu kagilir-gilir dina pikir, mugia ditambih-tambih, dikecerkeun, dikucurkeun, tur dikocorgolontorkeun ka Jungjunan umat sajagat, Rasulullah Muhammad SAW, ka kulawargina, para sahabatna, para taabi'iin tug dugi ka urang sadaya salaku ummat anu muttaba'ah kana ajaran mantenna dugika poe qiyamah. Aamiin.

Baca Juga: Taman Satwa Cikembulan Garut Buka Mulai Hari Pertama Lebaran

Hadirin Sidang 'ledil Fitri anu Dimulyakeun ku Allah SWT! Ti kawit surup panon poe dinten kamari teu pegat-pegat, gumuruh sora takbir, tahmid, jeung tahlil minuhan saantero jagat, mangrupi tawis kabungah.

Ti kawit surup panon poe dinten kamari teu pegat-pegat, gumuruh sora takbir, tahmid, jeung tahlil minuhan saantero jagat, mangrupi tawis kabungah sakumna ummat, pedah rengse ngalaksanakeun ibadah dina bulan Ramadhan anu kacida beurat, ibadah shaum, shalat, I'tikaf, infaq, sareng ibadah sanesna anu dipungkas ku ngaluarkeun zakat.

Mugia saba'da sasasih lamina digembleng tos paragat, urang sadaya janten hamba-hamba Allah anu taraqwa tur taat, anu baris ngahontal kabagjaan di dunya parat dugika akherat.

Baca Juga: Mau Ikut Memantau Arus Mudik ataupun Arus Balik Lebaran 2022? Cek Melalui Link Berikut Ini

Shaum lain ngan saukur nahan diri tina dahar, nginum jeung sapetemon, ti mimiti bijil fajar nepika surup panon poe, tapi oge ngajaga anggota badan tina migawe perkara anu dilarang ku Allah SWT.

Ngaoptimalkeun ibadah dina sasih Ramadhan, boh ibadah sunnat, kantenan ibadah anu wajib. Shaum magrupikeun ibadah kanggo merangan hawa nafsu anu ngajurung kana kagorengan jeung kasarakahan.

Sangkan urang henteu terus ngalajur nafsu ngumbar amarah, nafsu anu matak kaduhung raga anu katempuhan.

Baca Juga: Mudik Tapi Takut Terjebak Macet? Ini Jalur Alternatif Bandung-Tasikmalaya yang Bisa Kamu Ambil

Shaum ngadidik urang sangkan ngabiasakeun diri taat kana aturan Allah, boh keur lobaan atawa keur sosoranganan.

Shaum oge ngadidik supaya urang jujur, sabar, disiplin, jeung mibanda sipat berehan atawa peka ka sasama. Cindekna ibadah shaum ngadidik urang sadaya sangkan jadi jalma anu ngamilik kashalehan individu sakaligus kashalehan sosial.

In Shaa Allah upami ieu ku urang kalaksanakeun, ibadah shaum ieu bakal nganteurkeun urang sadaya kana darajat anu pangmulyana mungguhing Allah, nyaeta muttaqin, tegesna jalma anu siap satekah polah ngalaksanakeun parentah Allah sareng nebihan larangan Mantenna.

Baca Juga: Ini Biaya Perjalanan Ibadah Haji 1443 H Berdasarkan Embarkasi yang Ditetapkan Pemerintah

Sakumaha pidauh Allah SWT. dina AlQur'an surat al-Hujuraat ayat 13:

Hartosna: "Saenyana manusa anu pangmulyana ti antara Aranjeun mungguh Allah nyaeta anu pangtaqwana".

إن أكرمكم عند الله أتقاكم

Hadirin Sidang 'ledil Fithri!

Dina poe ieu, urang sadaya aya dina suasana 'iedil fithri, hartosna balik kana fithrah, asal kajadian manusa anu condong kana agama Islam.

Baca Juga: Idul Fitri 1 Syawal 1443 H Diprediksi Akan Jatuh Pada Senin, 2 Mei 2022. Sidang Isbat Digelar Minggu Sore Ini

'ledil fithri hartosna balik deui kana kasucian, suci lahir, suci batin, suci harta jeung jiwa. Kasucian ieu bisa dihontal ku ngalakonan ibadah anu optimal dina bulan Ramadhan tur dipungkas dina akhir bulan ieu ku ngaluarkeun zakat fithrah. Allah SWT. ngadawuh dina surat al-Syams ayat 9-10:

قد أفلح من زكاها وقد خاب من دساها

Hartosna: "Temen bagja jalma anu geus nyucikeun jiwana, jeung temen rugi jalma anu geus ngotoran jiwana".

Dina kasempetan anu kebek ku kabingah ieu, simkuring umajak ka sadaya jamaah, sumangga urang sasarengan nerapkeun sumanget ibadah bulan Ramadhan ieu, dina sabelas bulan ka payun.

Baca Juga: 20 Link Twibbon Hari Raya Idul Fitri 1443H yang Bisa Kamu Pasang di Media Sosial untuk Meriahkan Momen Lebaran

Margi indikator mabrur sareng henteuna ibadah shaum urang, gumantung kana amalan urang dina sasih di luar Ramadhan. Upami aktivitas ibadah dina sasih Ramadhan tiasa diimplementasikeun dina sasih sajabi Ramadhan, maka eta mangrupi indikator shaumna mabrur.

Hadirin wal hadirat Sidang 'ledil Fithri Hafizhakumullaah!

Saba'da urang sadaya ngalaksanakeun ibadah sasasih campleng dina sasih Ramadhan, kalayan ayeuna tos balik deui kana kasucian, mangka urang sadaya miharep jadi insan kamil (manusa sampurna), anu bakal ngahontal kasalametan di dunya parat dugika akherat.

Baca Juga: Khutbah Jumat Pasca Idul Fitri, Mengembalikan Nurani yang Hilang

Kanggo ngawujudkeun ieu cita-cita, Allah SWT. parantos maparin pedoman, sakumaha kaungel dina Al-Qur'an surat Ali 'Imran ayat 112:

Hartosna: "Maranehna bakal ditimpa ku kahinaan dimana wae ayana, kajaba manehannana anu nyepeng pageuh kana tali (agama) Allah sareng tali (perjanjian) sareng papada manusa". ضربت عليهم الذلة أينما تقفوا إلا بحبل من الله وحبل من الناس

Dumasar ayat ieu, eces jentre atra pertela, yen manusa bakal ditimpa ku kahinaan upama teu bisa ngajaga hubungan hade jeung Allah oge hubungan hade jeung papada manusa.

Baca Juga: 31 Ucapan Selamat Idul Fitri 1443 H Ini Cocok untuk Dikirim ke Teman dan Kolega Kantor

Ngajaga hubungan hade jeung Allah nyaeta ku cara satekah polah, mereketkeun diri kanggo ngalaksanakaeun naon rupi anu diparentahkeun ku Allah sareng nebihan sagala rupi anu dicegah ku Mantenna.

Anapon ngajaga hubungan hade jeung papada manusa nyaeta ku jalan nempatkeun diri dina posisi anu pas sakumaha kakuduanana.

1. Upama posisi urang salaku warga masyarakat, upayakeun diri sangkan jadi khairunnaas anfa'uhum linnaas (jalma anu loba manfaatna pikeun jalma sejen), ulah sabalikna di tengah masyarakat jadi cucuk rungkang anu ngarugikeun tur ngaganggu katengtreman masyarakat.

Baca Juga: Amalan di Malam Takbir dan Menjelang 1 Syawal. Simak Penjelasan Ustadz Adi Hidayat

2. Upama urang salaku kepala rumah tangga, hayu urang jadikeun diri urang salaku sosok pamingpin anu nyaah tur tanggung jawab ka anak pamajikan.

Kasab ti isuk jedur nepika sore jeder, dug hulu pet nyawa dina raraga nyumponan nafakah kulawarga, bari ngajaga anak pamajikanna sangkan teu tigebrus kana pagawean ma'siat ka Allah SWT., sabab sieun kaasup jalma dayus, nyaeta jalma anu antepan, ngantep anak pamajikanna tigebrus kana gawe maksiat, padahal manehna apal.

3. Upama urang aya dina posisi salaku pamajikan, upayakeun sangkan jadi istri shalihah, anu taat kana parentah salaki, salagi parentahna teu patojaiyah sareng aturan Allah, anu tanggung jawab ngatik ngadidik tur ngurus anakanaknya sangkan jadi investasi anu luhur ajenna mungguh pandangan Allah SWT, nyaeta waladun shaalihun yad'uu lahuu".

Baca Juga: Doa Akhir Ramadhan, Lengkap dengan Bacaan Arab, Latin dan Terjemahannya

4. Upama urang salaku anak, sing inget, urang sadaya yakin, yen ayana urang teh estuning damel Allah nyalira. Indung bapa urang teu ulubiung nyiptakeun urang.

Tapi sanajan kitu, numutkeun sunnatullah ayana urang teh, syare'atna ku dumeh ayana indung bapa.

Urang gumelar ka ieu dunya teh, kaluar tina rahim nu jadi indung. Indung bapa urang ngurus urang ti kawit dikandung nepika dilahirkeun, tug dugika ayeuna sagede kieu teh, lain pagawean entengenteng.

Baca Juga: Ini 17 Link Twibbon Ucapan Idul Fitri 1443 H yang Simple hingga Elegan untuk Mempercantik Foto Terbaikmu

Gubrag urang lahir ka dunya estuning uruseun pikarujiteun. Teu ketang indung nuju pules kulem, dimana putrana nyaring komo rungsing, indung mah gancang nguniang, teu nolih janari tengah peuting, putrana dipepende diais diayun ambing bari pinuh ku rasa deudeuh jeung welas asih.

Sanajan indung keur raos tuang, ana kakuping putrana miceun atanapi kahampangan, anjeuna sot piring sot sendok ngombehan heula nu jadi putra.

Ana putrana geus sawawa jeung loba kahayang, indung bapa mah belaan banting tulang keur nyumponannana, aya basa taya barang kinasihan keur ngaladenan kahayang jeung pamenta nu jadi anak.

Baca Juga: Ramalan Zodiak Minggu 1 Mei 2022: Capricorn, Aquarius, Pisces. Bersiaplah Bertemu dengan Orang Impian

Malah lamun terus diwincik hiji-hiji, jasa kahadean indung bapa ka urang tangtuna oge moal bisa kaitung.

Anu kacida hese ngitung jeung mulang tarimana nyaeta jasa jeung kahadean indung bapa mah, jasa jeung kahadean anu tanpa pamrih, jasa jeung kahadean anu bener-bener ikhlas kajurung ku deudeuh jeung welas asih kanu jadi putra, tur miharep gaduh putra anu sholeh.

Ku kituna, geura mulyakeun indung bapa, suprih karidoanna, sabab indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat, indung nu ngandung bapa nu ngayuga, nyalindung ulah ka gunung nyembah ulah ka sagara. Sareng poma ulah sakali-kali ngaraheutan manah mantenna, sing emut:

Baca Juga: Hari Raya Idul Fitri Tanggal Berapa? Banyak yang Memprediksi, Lebaran Jatuh pada Hari Senin, 2 Mei 2022

"Karidhoan Allah gumantung kana karidhoan indung bapa, sareng bebendon Allah gumantung kana bebendon indung bapa".

رضا الله في رضا الوالدين وسخط الله في سخط الوالدين

'ledul fithri mangrupikeun momentum anu pas kanggo silih lubarkeun dosa jeung kasalahan. Anak menta dihampura ka indung bapana, nyakitu deui sabalikna. Pamajikan ka salakina, nyakitu deui sabalikna.

Tatangga jeung tatangga, guru jeung muridna, bawahan jeung atasanna, rahayat jeung pamingpinna. Maa shaa Allah, kacida bagja, jalma anu dina danget ieu indung bapana masih gumelar di alam dunya, masih aya di kieuna.

Baca Juga: Presiden Ukraina, Zelenskyy Minta Bantuan Persenjataan ke Indonesia. Jokowi: Kalau Bantuan Kemanusian Siap

Dina dinten ieu masih tiasa neuteup rarayna, nyepeng pananganna, sarta sumujud dina lahunanna bari nyuhunkeun dihapunten tina sagala dosa sareng kasalahanna sarta neda jiyad pangdu'a ti mantenna pikeun ngahontal kabagjaan hirup di dunya parat dugi ka akherat.

Tapi sawangsulna, pikeun urang anu tos dikantunkeun ku ibu rama, mantenna tos mulih ka alam barzah, urang mung tiasa ninggal tutunggul di pakuburan, urang mung tiasa ngadu'a ka Allah SWT, sangkan marantenna ditambih-tambih rahmat Allah di alam barzahna:

"Nun Gusti Pangeran Abdi, hapunten dosa-dosa abdi sareng dosa-dosa ibu rama abdi, sareng mugi Gusti mikanyaah ka marantenna, sapertos marantenna mikanyaan ka abdi dina nalika abdi nuju alit"

Baca Juga: Bus Tottenham Hotspur Antre di Gerbang Tol Cikampek Utama 1, Hugo Lloris dan Son Heung-min Senang Ikut Mudik

Manusa panghadena sanes nu teu pernah migawe dosa, tapi manusa panghadena nyaeta jalma dimana migawe dosa, geuwat tobat menta dihampura ka Allah SWT.

Wilujeng Boboran Shiyam, 1 Syawwal 1443 H

اللهم اغفر لي ذنوبي ولوالدي وارحمهماگماربياني صغيرا

من العائدين والفائزين تقبل الله منا ومنكم صيامنا وصيامكم كل عام أنا وأنتم بخير

Baca Juga: Tol Cisumdawu Seksi 3 Mulai Dibuka, Pengendara Bisa Keluar GT Cimalaka

الله أكبر (7x) لا إله إلا الله والله أكبر الله أكبر ولله الحمد، الله أكبر كبيراوالحمدلله کثیراوسبحان الله بكرة وأصيلا، لاإله إلا الله وحده، صدق وعده، ونصر عبده، وأعز جنده، وهزم الأحزاب وحده. الحمد لله الذي بيده مقالد الأمور، وبقدرته مفاتح الخيرات والسرور. أشهد أن لا إله إلا الله وحده لاشريك له المهيمن الجبار، وأشهد أن محمدا عبده ورسو له الذي أمرنا أن نكيريوم العيد بالتسبيح والتهليل والتكبير. اللهم صل وسلم على سيدنا وحبيبنا محمد رسولك ونوركونك الكريم، وعلى آله وصحبه صلاة وسلاما دائمين متلازمين إلى يوم معلوم (أمابعد) معاشر المسلمين أوصي نفسي وإياكم بتقوى الله لعلكم ترحمون. أعوذ بالله من الشيطان الرجيم، إنّ الله وملائكته يصلون على النّبي ياأيها الذين آمنواصلواعليه وسلمواتسليما. اللهم صل على سيدنا وحبيبنا وشفيعنا ومولانا محمد،وسلم ورضي الله تبارك وتعالى عن كل صحابة رسول الله أجمعين، اللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات، اللهم انصر من نصر دين محمد واخذل من خدل دين محمد، اللهم اجعلنا من عبادك العاملين المقبولين، والتائبين المغفورين، والعائدين الفائزين، برحمتك ياأرحم الراحمين

Mudah-mudahan Bermanfaat***

Editor: Zulkarnaen Finaldi

Tags

Terkini

Terpopuler