Kumpulan Ucapan Idulfitri dalam Bahasa Sunda yang Menyentuh Hati

- 11 Mei 2021, 12:39 WIB
Ilustrasi jabat tangan
Ilustrasi jabat tangan /Pixibay/

KABAR PRIANGAN - Hari Raya Idulfitri merupakan momentum yang sangat membahagiakan bagi umat Islam.

Selain telah lulus merampungkan ibadah puasa satu bulan lamanya, Hari Raya Idulfitri atau Lebaran juga bisa dijadikan sebagai ajang silaturahiem untuk saling memaafkan.

Larangan mudik di masa pandemi Covid-19 bukan menjadi alasan untuk tak saling beruluran-tangan.

Anda tetap bisa menjalin komunikasi pada Lebaran 1442 Hijirah ini dengan orang terkasih: sanak keluarga, sahabat, atau rekan sejawat lewat media sosial (medsos).

Baca Juga: Banyak Wisatawan Batalkan Kunjungan ke Garut, Akibat Penyekatan Arus Mudik

Baca Juga: Masjid Agung Tasikmalaya Bisa Gelar Salat Id, karena Status Covid Kembali ke Zona Oranye

Ada banyak bahasa verbal sebagai alat komunikasi untuk kita menyampaikan pesan. Salah satunya adalah bahasa Sunda, bahasa ibu masyarakat Jawa Barat.

Dengan menggunakan bahasa ibu tentu saja pesan yang diterima akan lebih menyentuh hati.

Berikut ini adalah ucapan selamat Idulfitri dalam bahasa Sunda:

1). Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna dina Idulfitri 1442 H ieu, hayu urang sami-sami ngaberesihkeun rereged ati, tina khilaf sinareng dosa. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

2). Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran Siam.

3). Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, réka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, wilujeng boboran Siam neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng batin.

4). Bilih aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah, di bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih ubarkeun silih hapunten lahir batin, hayu urang mapag 1 Syawal 1442 H ku kabungahan tur kaihlasan.

5). Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran, tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri, mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri, wilujeng boboran Siam 1442 H. Hapunten samudaya kalepatan.

6).Tina weningna ati nu surti, tina mumunggang rasa nu ageung rumasa, bilih aya tutur saur nu teu kaukur, aya lampah nu teu merenah, tur lisan nu ngaraheutkeun manah, neda pangapunten lahir tumekaning batin, mugi luntur qolbu jembar pangampura. Wilujeng boboran Siam 1442 H. Taqobalallohu mina waminkum siamana wasiamakum, minal ‘aidin walfaizin.

7). Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kaléngkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng boboran.

8). Sanaos panangan teu amprok, basa teu nyapa, raray teu tepang. haté sanubari meredih kedah silih bébaskeun, diri silih sucikeun, mudah-mudahan urang sadayana janten jalmi nu taqwa.

9). Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. Taqoballhu minnawaminkum, taqobalahuyakariim

10). Laligarna taraté dina talaga haté. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten cicirén lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng boboran Siam 1442 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

11). Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu, mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. Wilujeng boboran Siam 1442 H. Hapunten samudaya kalepatan.

12). Ngahaturakeun wilujeng boboram Siam 1 Syawal 1442 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi rido ngahapunten samudaya kalepatan.

13). Bilih aya langkung saur bahé carék kaciwit kulit kabawa daging, tunggul dirurud catang dirumpak, nyungkelit ati teu genah manah, mundut pangampura. Wilujeng boboran Siam 1442 H.

14). Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu dipilampah. Wilujeng boboran Siam 1442 H, kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan.

15). Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng boboran Siam 1442 H . Taqobalallahu minaa waminkum.

16).Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan. Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMS-an. Kalayan dibarengan ku kaihlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan. Wilujeng Boboran Siam 1442 H.

17). Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh haté, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari. Neda dihapunten kana samudaya kalepatan, bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngaraheutkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu Minna Wa Minkum. Wilujeung Boboran Siam 1442 H.

18). Ti lahir dugi ka batin. Pamundut nu kapihatur, ligar manah ku kaihlasan, tiasa ngalubarkeun, tina sanés kanten samudaya kalepatan, inggis catur teu kaukur lampah lali nincak salah, neda sihapuntenna. Wilujeng boboran Siam 1442 H.

19). Niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran Siam.

20). Wening galih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya. Wilujeng boboran Siam 1442 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum

21). Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. Wilujeng boboran Siam.

22). Bersih galih nu diperedih, léah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nu kasuhun.

23). Nyucruk laku sunnah Rasul, mapay lacak agama Islam, gema takbir nu agung dipungkas ku tali silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran Siam 1442 H

24). Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda, mugia sing ngajadi disarengan ku iman taqwa, nu antukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh, silih hampura ka papada jalma, panuhun sihapunten sadaya. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum

25). Kaluluputan kalepatan simkuring sakulawarga, wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Illahi, hampura diri ka Gusti Nu Maha Suci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng boboran Boboran Siam 1442 H.

26). Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu minnawmnkum, taqobalahuyakarim.

27). Wilujeng boboran Siam 1442 H. Minal aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.

28). Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “Wilujeng boboran Siam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.

29). Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, bréh bulan pangharepan geus lekasan poé fitri nembongan. Neda sihapunten.***

Editor: Sep Sobar

Sumber: Dari berbagai sumber, PRMN, VIU


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x