Ini Sajak Jante Arkidam, Cerita Robin Hood Sunda yang Dilombakan dalam Pasanggiri Maca Sajak Singrancage 2023

- 4 Februari 2023, 20:52 WIB
Ilustrasi: Jante Arkidam, Robin Hood Sunda. Jante Arkidam puisi yang harus dibacakan dalam Pasanggiri Maca Sajak Singrancage Piala Ajip Rosidi 2023.*
Ilustrasi: Jante Arkidam, Robin Hood Sunda. Jante Arkidam puisi yang harus dibacakan dalam Pasanggiri Maca Sajak Singrancage Piala Ajip Rosidi 2023.* /kabar-priangan.com/Dok. Ridwan Hasyimi/

Téng tilu di tangsi pulisi
Janté lilir katilu kali
Ngajambak meles buuk handapeunana

Téng lima di tangsi
Hianat randa gigireunana
Janté lilir kabaribinan
Geblig léngkah sakuriling imah
Janté ditingker, taya jalan geusan ingkah

Panangtang wadana:
’Janté, hudang!
Urang datang males pati!’

’Sing saha jago, asup!
Mun geus bosen nya hirup!’

’Mana ari Janté nu gagah?
Geuning teu wani bijil ti imah?’

’Badan andika palapah gedang leungeun kula lalancip gobang!’

Nembus kaca Janté nangtung dina wuwung
Ngabendéng nyérangkeun nu ngepung
Janté sidakep bari ngiceup

’He balaréa,
Na Janté aya di mana?’

Tinglalieuk jalma nu ngarepung
Sora Janté handapeun tanjung

’Udag mangkelukna minggat!’

Halaman:

Editor: Arief Farihan Kamil


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x