Ini Sajak Jante Arkidam, Cerita Robin Hood Sunda yang Dilombakan dalam Pasanggiri Maca Sajak Singrancage 2023

- 4 Februari 2023, 20:52 WIB
Ilustrasi: Jante Arkidam, Robin Hood Sunda. Jante Arkidam puisi yang harus dibacakan dalam Pasanggiri Maca Sajak Singrancage Piala Ajip Rosidi 2023.*
Ilustrasi: Jante Arkidam, Robin Hood Sunda. Jante Arkidam puisi yang harus dibacakan dalam Pasanggiri Maca Sajak Singrancage Piala Ajip Rosidi 2023.* /kabar-priangan.com/Dok. Ridwan Hasyimi/

Baca Juga: Boboko, Wadah Nasi Khas Sunda yang Penuh Filosofi. “Isi dan Cangkang Harus Sesuai”

Berikut puisi atau sajak Sunda, Jante Arkidam yang akan dilombakan dalam Pasanggiri Maca Sajak Singrancage Piala Ajip Rosidi 2023:

JANTÉ ARKIDAM
Sajak Ajip Rosidi

Panonna beureum siki saga
Leungeunna seukeut lalancip gobang
Niplasan badan dahan gedang
Arkidam, Janté Arkidam

Di pangaduan di kalangan ronggéng
Ngan hiji jagoan
Arkidam, Janté Arkidam

Ti peuting angkeub ku mendung
Janté raja alam peteng
Matek aji panarawangan
Manjing ka liang sasoroting sinar
Jariji beusi pakgadé miley ku ramona

Ti peuting ngadalingding wangi
Janté raja dina tayuban
Ngagakgak seuri ngibingan ronggéng

’Mantri pulisi, ngalieuk ka ieu!
Bantingkeun kartu bantingkeun dadu!
Wadana, ulah nundutan di dinya!
Urang ngibing jeung kula, Janté Arkidam!’

Silih teuteup
wadana jeung mantri pulisi:
’Janté, Janté Arkidam
Ngabongkar pakgadé peuting tadi
Ayeuna makalangan di nu tayuban!’

’Enya, kula Janté Arkidam
Sing saha nu wani maju rék ditigas
Leungeun kula lalancip pedang!’

Halaman:

Editor: Arief Farihan Kamil


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x