Ini Sajak Jante Arkidam, Cerita Robin Hood Sunda yang Dilombakan dalam Pasanggiri Maca Sajak Singrancage 2023

- 4 Februari 2023, 20:52 WIB
Ilustrasi: Jante Arkidam, Robin Hood Sunda. Jante Arkidam puisi yang harus dibacakan dalam Pasanggiri Maca Sajak Singrancage Piala Ajip Rosidi 2023.*
Ilustrasi: Jante Arkidam, Robin Hood Sunda. Jante Arkidam puisi yang harus dibacakan dalam Pasanggiri Maca Sajak Singrancage Piala Ajip Rosidi 2023.* /kabar-priangan.com/Dok. Ridwan Hasyimi/

Janté lumpat ka kebon tiwu
Kebon dikepung jalma sakampung
Janté nyumput di dapuranana
Taya nu wani muru
Lalancip gobang leungeunna

’Janté nu sakti, kaluar mun enya wani!’

Janté gigideug tilu kali
Mangrupa istri

’Euleueuh geulis kacida enéng nu ngalangkung
Nu henteu ningali Janté di kebon tiwu?’

’Janté? Duka.
Teu mendak jalma saurang
Di jero kebon carangcang tihang!’

’Na siga rurusuhan, naha aya bujengeun?’

’Nyisi, bisi pasar kaburu sepi!’

Sanggeus anggang Janté leumpang
Gigideug mangrupa asalna deui

‘Hé balaréa sakampung
Mata andika mata dadu!’

Tinglalieuk jalma nu ngepung
Janté hohoak tukangeunana

Halaman:

Editor: Arief Farihan Kamil


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x