Ini Sajak Jante Arkidam, Cerita Robin Hood Sunda yang Dilombakan dalam Pasanggiri Maca Sajak Singrancage 2023

- 4 Februari 2023, 20:52 WIB
Ilustrasi: Jante Arkidam, Robin Hood Sunda. Jante Arkidam puisi yang harus dibacakan dalam Pasanggiri Maca Sajak Singrancage Piala Ajip Rosidi 2023.*
Ilustrasi: Jante Arkidam, Robin Hood Sunda. Jante Arkidam puisi yang harus dibacakan dalam Pasanggiri Maca Sajak Singrancage Piala Ajip Rosidi 2023.* /kabar-priangan.com/Dok. Ridwan Hasyimi/

Ngahéphép sapanglalajoan
Neuteup ka Janté nu matana ngembang wéra

’Ku naon neuteup ka kula?
Teruskeun ngibing, peuting nyérélék béak!’

Ramé deui kalangan, ramé deui pangaduan
Janté masih ngibing nyolémpang saléndang
Nguyup arak sloki kasalapanlikur

Waktu beurang datang, Janté ngagolér
Diburu ku mantri pulisi:
’Janté, Janté Arkidam, Nusa Kambangan!’

Ngagisik mata hayang sidik
Janté mencrong mantri pulisi:
’Ki Mantri, tindakan anjeun léléwa bikang
Ngabokong jalma keur tibra!’

Arkidam ditalikung leungeunna dua
Sorot matana ngentab seuneuan

Saméméh béak poé kahiji
Janté minggat nitih cahya
Kaluar ti panjara

Saméméh cunduk peuting kahiji
Mantri pulisi nyungseb di dasar walungan
Teu nyawaan

’Saha jago nu nungtut béla?
Datang mun kaula nyaring!’
Susumbarna ngumandang di beuteung peuting
Janté ngabedega di sasakgantung
Taya saurang jalma nu datang
Janté nguncud neuleuman jempling

Randa maésan tadi beurang
Ka imahna Janté datang
Wanita mana nu teu taluk ka manéhna?
Simbar dada hideung galing
Biwir amis jeruk garut
Létah madu kalapa puan
Kumis reuseuk sapu injuk
Arkidam, Janté Arkidam

Halaman:

Editor: Arief Farihan Kamil


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x